PLAY PODCASTS
[3]. MISA BASA SUNDA.3gp

[3]. MISA BASA SUNDA.3gp

[3]. Mass in Sundanese Language.3gp // 1 KORINTA 15--Hal gugahna Kristus--- 1. Sim kuring rek ...

==="Firman Hidup", "Kabar Baik", "Lagu-lagu Injil" - Bahasa Diucapkan di Indonesia dengan Lebih dari Satu Juta Penutur // "Words of Life","Good News","Gospel Songs"-Languages Spoken in Indonesia With More Than One Million Speakers === · Tze-John Liu

December 11, 20191m 58s

Audio is streamed directly from the publisher (indonesiagospelsongs.podomatic.com) as published in their RSS feed. Play Podcasts does not host this file. Rights-holders can request removal through the copyright & takedown page.

Show Notes

[3]. Mass in Sundanese Language.3gp // 1 KORINTA 15--Hal gugahna Kristus--- 1. Sim kuring rek ngingetkeun aranjeun kana Injil Kasalametan, anu diwartakeun ku sim kuring, anu ku aranjeun geus ditarima jeung dipercaya enya-enya. 2. Eta warta anu diajarkeun ka aranjeun teh nya eta Injil Kasalametan. Upama aranjeun teguh kana eta hal, tangtu salamet. Kajaba lamun ceuk aranjeun taya gunana percaya. 3. Hal anu katampa ku sim kuring teh diwartakeunana ka aranjeun sakumaha anu kaungel dina Kitab Suci, pangpangna hal pupusna Kristus ku karana dosa urang. 4. hal dikurebkeuna-Na, hal dihirupkeuna-Na deui sanggeus tilu poe pupus sakumaha anu kaungel dina Kitab Suci, 5. hal nembongana-Na ka Petrus, hal nembongana-Na ka dua belas rasul, 6. hal nembongana-Na ka anu sok ngariring ka Anjeunna, sakali jadi ka anu reana leuwih ti lima ratus urang, anu nepi ka ayeuna aya anu harirup keneh, aya anu geus maraot; 7. hal nembongana-Na ka Yakobus, jeung hal nembongana-Na deui ka dua belas rasul. 8. Pangahirna nembongan ka sim kuring, sanajan sim kuring teh lir jelema anu dijurukeunana mahiwal. 9. Di antara rasul-rasul, sim kuring rumasa panghandapna, lantaran tadina jadi tukang nganiaya jamaah Allah. 10. Bisa jadi saperti ayeuna oge ngan ku karana rahmat Allah. Rahmat Mantenna ku sim kuring henteu ditatambuh. Malah sim kuring mah ngalakonan pagawean rasul teh leuwih getol ti batan rasul-rasul sejen. Tapi bisa kitu soteh ngan ku karana rahmat Allah keneh anu nyarengan sim kuring dina pagawean. 11. Aranjeun ayeuna geus percaya, teu jadi sual anu ngawawarkeunana mah, boh sim kuring, boh rasul-rasul sejen.